Rabu, 16 Juni 2010

Malik

Tinu ruket malik giruk
Kawas nu poho nengetkeun kanu dipiwuruk
ngariksa manah sangkan hade lampah
miara polah ngarah teu salah
ngan ukur harepan
nu dipikameumeut disinglarkeun
nu dipitulung malikan mentung
nu darehdeh jadi pamaeh
teu didingding kelir, nu paheut malik jungkir,

16 June 2010
[15.48]

Tidak ada komentar:

Posting Komentar