Minggu, 03 Oktober 2010

Melak Cabe




Darmaji hulang-huleng teu paruguh. Saprak dicaram nganggur ku mitoha manehna katingali siga jalma bingung. Heueuh da pagawean Darmaji mah ngan ukur dagang anggur. Saha nu teu kesel ningali jelema pangangguran. Kudu maraban saban wayah, tapi teu kaarah gawena. Sugan mah ngabantu-bantu seutik wae mah, da hanteu atuh. Mitoha na kamari talatah sangkan Darmaji melak cabe.

Nu nyieun Darmaji ngahuleng teh nyaeta mitohana teu mere nyaho kumaha carana, komo modal mah. Padahal jang dahar sapopoe oge harese, komo pake modal melak cabe. Pan kudu kaluar duit gede tah. Maenya wae melak cabe ngan ukur satangkal, moal piuntungeun. Lamun keur kabutuhan sapopoe mah bisa wae melak cabe satangkal, ge moal buahan unggal usik.

Mitoha teh bageur ku kitu na mah, nitah uing nagrah tong nganggur. Ceuk pikir Darmaji. Tapi uing bingung ngamimitianna. Gawe jaman kiwari hesena kacida. Heug ayeuna rek usaha sorangan, mentok dina modal. Cik atuh aya weh atuh nu daek nulungan nginjeuman uing modal.

Heug jeur ngahuleng kitu, torojol Mang Kosim datang tur nanya Darmaji nu keur ngahuleng, “Keur naon maneh teh, jang?”

“Nuju ngahuleng, Mang. Mitoha nitah melak cabe, tapi abdi bingung ngawitanna kumaha. Da carana teu dipasihan, kantenan modal mah. Matak abdi ngahuleng!”

Mang Kosim apal najan Darmaji teu gawe, tapi manehna tara poho nulung batur. Nulung na teh teu menta buruh deuih. Kalakuanna hade, codekana ngan teu gawe hungkul.

“Jang, ku mamang diinjeuman modal. Mayarna mah keun weh lamun Ujang geus bisa panen. Mamang mah percaya saratus persen ka Ujang, lantaran kalakuan Ujang mah tibaheula ge hade. Ku mamang didoakeun usaha Ujang sing lancar, mayeng, sangkan Ujang teu hariwang nganggur deui. Ceuk paribasa, melak cabe mah moal jadi bonteng, Jang!”

“Maksad mamang?”

“Melak hade mah moal jadi goreng! Salila iyeu mamang apal Jang Darmaji siga kumaha. Mamang percaya saratus persen, Jang!”

“Hatur nuhun, Mang! Insya Allah, abdi moal nguciwakeun mamang!!”

Tidak ada komentar:

Posting Komentar